Rabu, Februari 01, 2012

Gaya Bobogohan Rumaja Jaman Ayeuna

Lamun di tanya keur naon anjeun bobogohan?? Kira-kira anjeun teurang teu atawa aya nu bisa méré jawaban nu pasti kunaon kudu boga kabogoh? Jeung keur naon bobogohan? Soalna lamun ditingali ti cara jeung budaya bobogohan ayeuna leuwih loba nyérémpét-nyérémpétna. Hiji hal nu sok dipohokeun nyaeta keur naon urang bobogohan? Tujuanna naon? Terus pantes teu budak nu make saragam bodas biru geus boga kabogoh?
Teras ditingali fungsina kusabab geus jadian, anjeun bisa naon-naonkeun kabogoh, sabab lamun teu kitu, moal asyik bobogohanna, naon émang kudu kitu? Aya semacem diantara sababaraha rumaja yén wajae-wajar waé lamun ngalakukeun kiss hungkul, nya bisa di anggep samacam ungkapan atawa éksprési bogoh. Teras kapan kabogoh pantes di kiss jeung anjeun wios nga-kiss kabogoh? Soalna lamun geus dedekeutan sok hésé ngontrol tajongan adrenalin, komo deui keur lalaki nu saolah-olah sok jadi “decision maker” dina sisikap pas bobogohan, jeung jujur waé kadang-kadang awéwé sok bingung keur nolak tangan jail lalaki. Padahal can tentu kabogoh anjeun resep di cabak-cabak. Tapi lebarna, komunikasi keur hal-hal nu jiga kitu sok hésé di omongkeun, padahal nu ngaranna bogoh teu kudu ngalakukeun hal-hal nu ngajurus ka arah ditu kan? Teras coba tanya ka hate leutik anjeun leres teu nu ngaranna bogoh berarti anjeun bisa nanaonkeun kabogoh anjeun? Padahal kabogoh can tentu bakal jadi pasangan saumur hirup anjeun.
Lamun di tinggali dina nilaina, bobogohan nyaéta panjajagan, sosialisai, di ajar ngahadapan konflik, ngahargaan bebeda jeung proses pamahaman intraksi jeung lawan jenis. Tapi lamun ayeuna bobogohan téh sok nimbulkeun loba bencana, jiga misalna hamil di luar nikah, aborsi, dating rap, kakerasan dinu bobogohan nepi ka HIV/AIDS.
Teras urang kudu kumaha???
·            Kasepakatan
keur aranjeun nu atos atawa can bobogohan (PeDeKaTe kénéh), lamun rék bobogohan, jieun kasepakatan hal naon nu masih bisa di tolerir keur bisa atawa teu bisa dilakukeun, tanyakeun ka kabogoh kalakuan nu jiga naon nu bisa ditarima. Ku ayana kasepakatan lamun aya hal-hal nu teu dipikahayang, moal aya pihak nu ngarasa dirugikeun atawa kapaksa kudu narima perlakuan jeung prilaku nu ngaco lamun ti awal aranjeun geus sapakat keur “hot”. Terus lamun pegatan posisina jadi fair.
·            Tingali Sikon
Jauhan tempat atawa suasana nu bisa ngundang keur anjeun “horny” atawa bisa nyebabkeun anjeun kabablasan.
Kapan urang bisa ngomongkeun gaya atawa prilaku naon nu bisa dilakukeun dinu bobogohan?
·            Saénggalna, artina pas maranéh mulai PeDeKaTe jeung meunang lampu héjo. Soalna lamun anyar jadian téh keur haneut-haneutna. Kukituna, anjeun nunjukkeun ka kabogoh yén anjeun bogoh lain kusabab kabogoh geulis jeung seksi hungkul, tapi ngahargaan yén manéhna lain objék nu bisa di cabak, di peluk jeung di cium.
·            Tong asal nurutan “trend”, lamun hal éta bertentangan jeung nilai nu anjeun anut. Misalna di bulan puasa pantes teu isuk-isuk kénéh anjeun lalampahan jeung kabogoh bari  peluk-peluk'an. Atawa kusabab babaturan anjeun ngomong “DeepKiss” keur heboh, terus anjeun panasaran rék nyobaan bari teu nyaho naon dampakna. Sok coba pikirkeun deui kabéh dampak ti dorongan seksual anjeun, émang sihh ngeunah jeung hésé di tahan, tapi lamun geus hamil atawa HIV leuwih teu ngeunah. Jadi lain ngan jadian hungkul, sok diajar tanggung jawab yén kabogoh anjeun lain milik anjeun. Manéhna sarua jeung anjeun boga asasi, kahayang jeung panghargaan.
Kabeh kaputusan aya di tangan anjeun jeung anjeun nu boga pilihan. Kabogoh anjeun nyaéta ibu jeung dulur awéwé anjeun. So, kudu wani ngomong TIDAK saacan kajadian nu henteu-henteu.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar